الحمد لله وكفى، والصلاة والسلام على
رسوله المصطفى وعلى آله وأصحابه ومن تبعه من أهل الصدق والوفى
أيها الحاضرون أوصيكم وإياي بتقوى الله
Makna balik kana Fitrah
Setiap manusa dilahirkeun dina kaayaan fitrah ngan hanjakal (bahkan
nu jadi indung-bapana sorangan bisa mengkolkeun jalan hirupna jauh tina eta
fitrah); Shahabat Abu Hurairah, nalika ngadugikeun kasauran Rasulullah s.a.w.
ngeunaan fitrah eta maoskeun ayat:
فَأَقِمْ
وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا فِطْرَتَ اللَّهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا
لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللَّهِ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَكِنَّ أَكْثَرَ
النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ
“Mangka geura nyanghareup anjeun kana agama Allah kalawan lempeng,
(sing panceg) dina fitrah Allah anu dina fitrah eta manusa geus diciptakeun ku
Allah. Moal aya nu bisa ngaganti kana fitrah Allah. Nyatana agama Allah anu
lempeng tapi kalolobaanna manusa teu bisa ngarti.” (QS Ar-Rum/30: 30)
Nu dimaksud ku fitrah nyaeta “agama Allah”, jauhna tina fitrah eta
lain ukur keuna ku istilah yahudi/nasrani, tapi sifat nyimpang tina agama Allah
anu bisa datang tina kabodoan atawa sikep teu paduli.
Dina hubungan sareng hiji peristiwa agung anu ayeuna urang masih aya
dina suasanana fitrah eta sok disebut sebagai hakekat dina Idul Fitri. Wallahu
a’lam bishawab, Nabi nyebatkeun ied sanes dina hartos balik, oge nyebatkeun
fitri sanes dina hartos fitrah. Sapertos dina kasaurannana:
الْفِطْرُ
يَوْمَ تُفْطِرُونَ ، وَالأَضْحَى يَوْمَ تُضَحُّونَ
“Ari Idul Fitri teh eta poena (dalahar) buka, jeung ari Idul Adha eta poena meuncit)
Nya kitu deui umpama ditinjau secara kebahasaan; sok sanaos dina
bentuk fiil (verb/kata kerja) eta identik jeung ihwal ciciptaan Allah, anu
patula-patalina sareng ciciptaan dina bentuk mashdarna nu digunakeun nya kecap fitrah
(anu dina mushaf diserat dina dua bentuk, ku ta’ marbuthah sareng ta’ biasa).
Anapon ari kecap fithr eta digunakeun dina harti sifat beulah
sakapatna, sifat cacat jeung oge eta hartina buka (batal puasa). Nya kitu deui
kecap Ied, harti balik henteu tumerap dina bentuk ‘a-ya-da, tapi
‘a-wa-dal. Kecap ied eta digunakeun dina harti poe agung (hari
raya), anu hubungannana harti balik ku sabab eta dina tiap taunna terus-terusan
aya (balik deui jeung balik deui). Kusabab kitu dina Basa Arab aya istilah ied
al-fidhdhiy (taun perak/sifat balik/muter dina waktu 25 taun).
Naon ari Iedul Fitri, sakumaha anu kagambarkeun tina riwayat
hadits-hadits eta ngarupakeun poe (hari raya) pikeun suka bungah. Ngan sifat
suka bungah di dieu lain dina harti pestapora, tapi dieusi ku ngagungkeun Asma
Allah, Ngadegkeun Shalat jeung riung-mungpulungna umat Islam (anu dina sifat
riung mungpulungna teu aya pipilahan, teu budak-teu kolot, teu awewe-teu
lalaki, bahkan kaum hawa anu dina kaayaan teu suci dianjurkeun supaya ulu
biyung dina eta kumpulan); ieu gambaran ku ulah aya nu katingaleun dina
ngarasakeun sukacitana eta poe. Tepikeun ka secara ekonomi dina poe ieu diatur
ku Allah, supaya fakir-miskin oge teu tinggaleun pikeun ngarasakeun eta
kabungah ku disyareatkeunnana kawajiban zakat fitrah.
Eta kabungah anu dijangjikeun ku Allah pikeun jalma nu puasa, sifat
kabungah nu kapimilik di dunya. Sabaliknna, pikeun jalma nu puasa aya kabungah
nu sejen; nyaeta nalika pinanggih jeung Dzat Allah SWT.
Ngeunaan kabungah nu kadua ieu, sifatna balik ka masing-masing
individu; gumantung kana puasa nu dilakonannana jeung mung Allah anu uninga
kana kualitas puasa sakur hamba-Na; kumargi kitu Allah nyaurkeun dina hadits
qudsi:
الصَّوْمُ لِي وَأَنَا أَجْزِي بِهِ
يَدَعُ شَهْوَتَهُ وَأَكْلَهُ وَشُرْبَهُ مِنْ أَجْلِي وَالصَّوْمُ جُنَّةٌ
وَلِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ فَرْحَةٌ حِينَ يُفْطِرُ وَفَرْحَةٌ حِينَ يَلْقَى
رَبَّهُ وَلَخُلُوفُ فَمِ الصَّائِمِ أَطْيَبُ عِنْدَ اللَّهِ مِنْ رِيحِ الْمِسْكِ
"Ari puasa eta keur Kami, jeung Kami baris nangtukeun langsung walesannana sabab jalma geus daek ninggalkeun kadaharan jeung nginum karna Kami. Jeung ari puasa eta mangrupakeun pamiding. Jeung pikeun nu puasa eta aya dua kabungah, nyaeta nu kahiji nalika waktu buka jeung nu kadua nalika panggih jeung Rabb-na. Jeung saestuna ambeu nafas jalma nu puasa eta leuwih alus mungguhing Allah tibatan seungitna kasturi."
Riwayat Bukhari nu lainna;
وَإِذَا لَقِيَ رَبَّهُ فَرِحَ
بِصَوْمِهِ
“jeung
nalika manehna panggih jeung Rabb-na, bungah ku (ganjaran) puasana.”
Bulan Ramadhan geus kaliwat, mangka sailaharna sikep jalma mukmin eta
ulah gura-giru ngarasa reug-reug ku tuntasna (komo mun puraga tamba kadenda),
Sababaraha Hikmah Shaum
1)
Wangun
kaikhlasan nu kaasah
Kaikhlasan ngarupakeun dasar utama dina sakabeh ibadah, sabab dina
kaikhlasan ngandung harti pageuhna sifat hubungan manusa jeung Allah (tauhid).
Puasa ngarupakeun ibadah nu nyumput, teu bisa dicirikeun ku rigig, teu katara
ringkaknya sumawona ku kedalna. Naha keur sorangan atawa babarengan, prakna
balik ka jinis jeung pribadi-pribadi, balik kana kadar nyanghareupna bathin ka
Dzat Allah.
2)
Semakin
ringan dan nikmat dalam melakukan ketaatan
Puasa ngadeukeutkeun hamba jeung Dzat Allah, eta numbuhkeun
kacintaan. Prakna puasa ngan sakadar ninggalkeun hal-hal nu ngabatalkeun, eta
tuntuan Rasul s.a.w. nu moal ngabeuratkeun, puasa jadi benteng tina
perkara-perkara dosa, eta numbuhkeun antipati kana kalakuan dosa/sifat
kakufuran. Tilu hal ieu anu disebatkeun ku Rasul baris jadi lantaran dina ngarasakeun
nikmat iman/nikmat ibadah.
3)
Jauh tina
maksiat
Jalma nu puasa eta geus kalatih dina sifat nahan dorongan anu aya dina dirina sok sanajan sifatna wenang (halal) keur dirina, mangka eta jalma bakal mampu nahan perkara-perkara nu geus puguh-puguh dicaram (doraka).
4)
Tambah-tambah
kacintaan kana Al-Quran
Ramadhan
eta bulan anu identik jeung Al-Quran. Ku rupa-rupa amalan nu aya dina Ramadhan, paling henteu ku shalatna, nu patali jeung Quran bakal ngakrabkeun jalma jeung Al-Quran.
5)
Dermawan
Rasa lapar
teu salawasna bisa tumiba ka satiap jalma.
Sing saha nu bisa nafakuran, lain ukur ngarasakeun ripuhna nahan
lapar, tangtu baris ngadorong tumbuhna rasa syukur kana sagala rupa kanikmatan
bari ninggali ka dulur-dulurna anu luput tina kanikmatan eta. Resep barang
bere, shadaqah jeun sajabana tina sikep-sikep nahbiskeun sabagian kanikmatan
pikeun nu lian, baris ngajauhkeun jalma tina sifat bakhil anu ngalahirkeun rasa
sieun anu kaleuleuwihi ku kaleungitan materi. Sabalikna, pasti kapanggih ku
jalma nu ngalakonan amalan shadaqahna, justru Allah baris nambah jeung
ngembangkeun pikeun naon-naon anu dishadaqahkeunnana.
Eta ngarupakeun jaminan ti Allah:
“Jeung teu pati-pati ngainfakkeun tina naon nu diinfakkeun ku dirina,
saestuna eta teh (kahadeannana) pikeun dirina sorangan.”
6)
Kokohna
loyalitas antar umat
7)
Doa-doa nu
dikabul
Doana nu puasa kaasup anu doa diijabah.
8)
Dijadikeun
mundelna kaelmuan
Rupa-rupa ibadah dina bulan Ramadhan prakna sok leuwih tinu
sabiharina kaasup thalab elmu. Umpama majlis ta’lim dina bulan-bulan nu sejenna
sok dipandang cukup saminggu sakali, unggal poe ngaji jeung ngagali agama tara
jadi bosen prakna dina bulan Ramadhan. Kusabab kitu, anu dina Ramadhan
dipinuhan ku aktivitas thalab elmu, sajaba ti nyangkin kautamaan eta bulan,
kahadean pikeun eta jalma baris ngalipat ganda ku dipaparin elmu agamana. Imam
Nawawi nyarios, “yen elmu bisa mawa kana kata’atan”, ngandung harti ku sabab
apalna hiji jalma eta bisa ngajurung kana ngalakonannana; saluyu sareng
kasauran Rasulullah s.a.w.:
من يرد الله به خيرا يفقه في الدين
“Sakur-sakur jalma anu Allah ngersakeun kahadean pikeun dirina, maka
Allah bakal ngajadikeun eta jalma paham kana agamana.”
Sikep Jalma Mukmin
Idul Fitri eta
jadi moment sukacita pikeun jalma mukmin, ngan kahade ieu kasuka ulah jadi
euporia anu bisa ngakibatkeun urang poho.
Ramadhan geus
cacap dina itungannana, lain harti kudu reueus ku anggeusna. Aya ibarat tina
sikep para ulama dina kaitan jeung cacapna bulan Ramadhan anu ningalikeun
kasuka sakumaha ilaharna. Ditanya, “Apan ieu teh poe suka bungah. Naha geuning
siga nu sedih jeung loba kahariwang?” Pertanyaan eta dijawab, “kuring lain teu
gumbira dina mapag datangna ieu poe, tapi hariwang sagala rupa nu jadi ibadah
dina bulan Ramadhan teu ditampi ku Allah SWT.”
أَفَأَمِنُوا
مَكْرَ اللَّهِ فَلَا يَأْمَنُ مَكْرَ اللَّهِ إِلَّا الْقَوْمُ الْخَاسِرُونَ
"Naha jalma bisa ngarasa aman tina azab Allah? Moal aya nu bisa aman tina azab Allah kacuali eta jalma teh (pasti) kaasup ka golongan anu cilaka." (QS Al-A’raf/7: 99)
Dina kaitan ieu ayat
Aisyah r.a. tumaros ka Rasulullah s.a.w.: “Naha maksadna eta teh pikeun jalma
nu sok nginum khamer sareng papaling?” Rasulullah ngawaler:
قال لا يا بنت الصديق ولكنهم الذين يصومون ويصلون ويتصدقون وهم يخافون أن لا
يقبل منهم أولئك الذين يسارعون في الخيرات
“Sanes, hai putri Al-Siddiq, tapi maranehna teh
nyaeta jalma-jalma nu puasa, shalat, shadaqah kalayan ngancik dina dirina rasa
sieun kana teu ditarimana amal (ku Allah), maranehna nyaeta jalma-jalma nu sok
gura-giru dina milampah kahadean.” (Shahih; HR Tirmidi)
QS Al-Mukminûn/23:60-61
وَالَّذِينَ
يُؤْتُونَ مَا آتَوْا وَقُلُوبُهُمْ وَجِلَةٌ أَنَّهُمْ إِلَى رَبِّهِمْ
رَاجِعُونَ ( ) أُولَئِكَ يُسَارِعُونَ فِي الْخَيْرَاتِ وَهُمْ لَهَا
سَابِقُونَ ( )
Urang sami-sami
muhasabah bisi dina ngeusi eta bulan nyampak dina diri urang sikep jeung
kalakuan lalai anu bisa ngalantarankeun mengkolna urang tina aturan Allah, tina
nu samistina. Jeung urang sing tetep anceg jejeg dina nanjeurkeun ibadah, ulah robah sumawona nepi ka eureun lantaran Ramadhan geus tamat.
وَاعْبُدْ
رَبَّكَ حَتَّى يَأْتِيَكَ الْيَقِينُ
"Jeung anjeun kudu ibadah ka pangeran anjeun tepi datang perkara nu yakin (maot)."