Search This Blog

Monday, April 22, 2013

Tong Takabur


Kalangkang; Unggul Lain keur Agul

الحمد لله وكفى، والصلاة والسلام على رسوله المصطفى وعلى آله وأصحابه ومن تبعه من أهل الصدق والوفى
أيها الحاضرون أوصيكم وإياي بتقوى الله بأنه ما فاز فوزا قطا ألا من اتقى. أما بعد،

Salah sahiji ciri kakawasaan Allah nyaeta dijadikeunna kalangkang. Kalangkang tara tepi ka ngejat atawa leupas tina jinis aslina, tapi eta kalangkang can tangtu ngajirim jiga jinis aslina sabab eta lain jinisna. Ngan tina ringkangna kalangkang eta manusa sok ngajadikeun ukuran keur dirina sorangan; saperti ngahias diri dina hareupeun eunteung, pasti ngarasa cukup nalika ceuk pikirna nu aya dina eta kalangkang geus sampurna. Kalangkang, dina harti sok dipake ukuran pikeun ngukur diri bentukna bisa rupa-rupa; bisa dina bentuk hasilna usaha jeung pakasaban, pakaya nu ngalimpah, atawa bisa wae dina pagawean atawa amal sholeh sorangan, sahingga urang nyieun ukuran, nganilai diri urang sakumaha nu katingali ku urang tina eta kalangkang. Dina urang ningali sampurna kana eta kalangkang, kalawan boga rasa moal bisa kitu lamun lain bukti tina usaha urang, bisa jadi ngadatangkan hiji rasa jeun sikep anu justru nyilakakeun ka diri urang ku ngancikna rasa sombong ku diri. Padahal Rasulullah tos sasauran:
لا يدخل الجنة من كان في قلبه مثقال ذرة من الكِبْر (رواه مسلم)
“Moal asup surga jalma anu dina hatena aya kasombongan sanajan sagede siki saga.”
Kasombongan nu ngancik ku sabab urang ningali diri urang dina kalangkang eta ngarupakeun salah sahiji hal anu baris ngancurkeun amal urang.
Ngarasa reug-reug ku diri sabab ningali hal-hal nu dianggap ku urang sebagai wujud nu dihasilkeun (padahal eta mung wungkul kalangkang) sahingga urang lengle tina naon sajatina diri urang jeung kumaha kuduna nanggungjawabkeunnana ka Allah, ieu anu digambarkeun ku dawuhan Allah dina QS Al-A’raf/7: 99
أَفَأَمِنُوا مَكْرَ اللَّهِ فَلَا يَأْمَنُ مَكْرَ اللَّهِ إِلَّا الْقَوْمُ الْخَاسِرُونَ
“Naha maranehna teh geus ngarasa aman tina azab Allah, saestuna moal pisan ngarasa aman tina azab Allah salian ti jalma-jalma anu baris cilaka (di akheratna).”

Nganilai diri anu samistina nya kudu balik deui ka diri urang, balik kana purwadaksi, asal di temah wadi, taya lian ngabalikkeun sagala rupana ka Zat nu Maha Suci Allah SWT. Rek amal shaleh, rek pakaya, rek karir jeung jabatan, atawa naon bae nu ku urang sok dipake ngukur tangtung lamun urang ningalina tina diri eta baris balik kana ukuran kaikhlasan. Kaikhlasan ieu ngandung harti nempatkan sagala rupa hal sebagai wujud babakti, ngabdi ka Allah dina harti ibadah. Kaikhlasan ieu anu baris karasa nikmatna ku diri kalawan pasti, rek di dunya pon di akheratna. Kaikhlasan ieu moal bisa diukur ku luhur tangtung jeung atawa wujud fisik nu katingali ku panon, Allah anu Maha Uninga anu baris mastikeun sakumaha nilai diri urang, sakumaha mulyana diri urang bari mustahil silo ku kalangkang-kalangkang nu aya anu sok dipakeu ngukur ku urang.
Dawuhan Allah dina  QS Al-Mukminûn/23:60-61:
وَالَّذِينَ يُؤْتُونَ مَا آتَوْا وَقُلُوبُهُمْ وَجِلَةٌ أَنَّهُمْ إِلَى رَبِّهِمْ رَاجِعُونَ ( ) أُولَئِكَ يُسَارِعُونَ فِي الْخَيْرَاتِ وَهُمْ لَهَا سَابِقُونَ ( )
Dina kaitan ieu ayat Aisyah r.a. tumaros ka Rasulullah s.a.w.: “Naha maksadna eta teh pikeun jalma nu sok nginum khamer sareng papaling?” Rasulullah ngawaler:
قال لا يا بنت الصديق ولكنهم الذين يصومون ويصلون ويتصدقون وهم يخافون أن لا يقبل منهم أولئك الذين يسارعون في الخيرات
“Sanes, putri Al-Siddiq! tapi maranehna teh nyaeta jalma-jalma nu puasa, shalat, shadaqah kalayan ngancik dina dirina rasa sieun kana teu ditarimana amal (ku Allah), maranehna nyaeta jalma-jalma nu sok gura-giru dina milampah kahadean.” (Shahih; HR Tirmidi)

No comments:

Post a Comment