Kalangkang; Unggul Lain keur
Agul
الحمد لله وكفى، والصلاة والسلام على
رسوله المصطفى وعلى آله وأصحابه ومن تبعه من أهل الصدق والوفى
أيها الحاضرون أوصيكم وإياي بتقوى الله
بأنه ما فاز فوزا قطا ألا من اتقى. أما بعد،
Salah sahiji ciri
kakawasaan Allah nyaeta dijadikeunna kalangkang. Kalangkang tara tepi ka ngejat
atawa leupas tina jinis aslina, tapi eta kalangkang can tangtu ngajirim jiga
jinis aslina sabab eta lain jinisna. Ngan tina ringkangna kalangkang eta manusa
sok ngajadikeun ukuran keur dirina sorangan; saperti ngahias diri dina
hareupeun eunteung, pasti ngarasa cukup nalika ceuk pikirna nu aya dina eta
kalangkang geus sampurna. Kalangkang, dina harti sok dipake ukuran pikeun
ngukur diri bentukna bisa rupa-rupa; bisa dina bentuk hasilna usaha jeung
pakasaban, pakaya nu ngalimpah, atawa bisa wae dina pagawean atawa amal sholeh
sorangan, sahingga urang nyieun ukuran, nganilai diri urang sakumaha nu
katingali ku urang tina eta kalangkang. Dina urang ningali sampurna kana eta kalangkang,
kalawan boga rasa moal bisa kitu lamun lain bukti tina usaha urang, bisa jadi
ngadatangkan hiji rasa jeun sikep anu justru nyilakakeun ka diri urang ku
ngancikna rasa sombong ku diri. Padahal Rasulullah tos sasauran:
لا يدخل الجنة من كان في قلبه مثقال ذرة من الكِبْر (رواه مسلم)
“Moal
asup surga jalma anu dina hatena aya kasombongan sanajan sagede siki saga.”
Kasombongan nu ngancik ku
sabab urang ningali diri urang dina kalangkang eta ngarupakeun salah sahiji hal
anu baris ngancurkeun amal urang.
Ngarasa reug-reug ku diri
sabab ningali hal-hal nu dianggap ku urang sebagai wujud nu dihasilkeun
(padahal eta mung wungkul kalangkang) sahingga urang lengle tina naon sajatina
diri urang jeung kumaha kuduna nanggungjawabkeunnana ka Allah, ieu anu
digambarkeun ku dawuhan Allah dina QS Al-A’raf/7: 99
أَفَأَمِنُوا
مَكْرَ اللَّهِ فَلَا يَأْمَنُ مَكْرَ اللَّهِ إِلَّا الْقَوْمُ الْخَاسِرُونَ
“Naha maranehna teh geus ngarasa aman tina azab
Allah, saestuna moal pisan ngarasa aman tina azab Allah salian ti jalma-jalma
anu baris cilaka (di akheratna).”
Nganilai diri anu
samistina nya kudu balik deui ka diri urang, balik kana purwadaksi, asal di
temah wadi, taya lian ngabalikkeun sagala rupana ka Zat nu Maha Suci Allah SWT.
Rek amal shaleh, rek pakaya, rek karir jeung jabatan, atawa naon bae nu ku
urang sok dipake ngukur tangtung lamun urang ningalina tina diri eta baris
balik kana ukuran kaikhlasan. Kaikhlasan ieu ngandung harti nempatkan sagala
rupa hal sebagai wujud babakti, ngabdi ka Allah dina harti ibadah. Kaikhlasan
ieu anu baris karasa nikmatna ku diri kalawan pasti, rek di dunya pon di
akheratna. Kaikhlasan ieu moal bisa diukur ku luhur tangtung jeung atawa wujud
fisik nu katingali ku panon, Allah anu Maha Uninga anu baris mastikeun sakumaha
nilai diri urang, sakumaha mulyana diri urang bari mustahil silo ku
kalangkang-kalangkang nu aya anu sok dipakeu ngukur ku urang.
Dawuhan Allah dina QS Al-Mukminûn/23:60-61:
وَالَّذِينَ
يُؤْتُونَ مَا آتَوْا وَقُلُوبُهُمْ وَجِلَةٌ أَنَّهُمْ إِلَى رَبِّهِمْ
رَاجِعُونَ ( ) أُولَئِكَ يُسَارِعُونَ فِي الْخَيْرَاتِ وَهُمْ لَهَا
سَابِقُونَ ( )
Dina kaitan ieu ayat
Aisyah r.a. tumaros ka Rasulullah s.a.w.: “Naha maksadna eta teh pikeun jalma
nu sok nginum khamer sareng papaling?” Rasulullah ngawaler:
قال لا يا بنت الصديق ولكنهم الذين يصومون ويصلون ويتصدقون وهم يخافون أن لا
يقبل منهم أولئك الذين يسارعون في الخيرات
“Sanes, putri
Al-Siddiq! tapi maranehna teh nyaeta jalma-jalma nu puasa, shalat, shadaqah
kalayan ngancik dina dirina rasa sieun kana teu ditarimana amal (ku Allah),
maranehna nyaeta jalma-jalma nu sok gura-giru dina milampah kahadean.” (Shahih;
HR Tirmidi)

.jpg)