بســــــــــم الله الرحمن الرحيم
أَرَأَيْتَ
مَنِ اتَّخَذَ إِلَهَهُ هَوَاهُ أَفَأَنْتَ تَكُونُ عَلَيْهِ وَكِيلًا (43) أَمْ تَحْسَبُ أَنَّ أَكْثَرَهُمْ يَسْمَعُونَ أَوْ يَعْقِلُونَ إِنْ
هُمْ إِلَّا كَالْأَنْعَامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ سَبِيلًا (الفرقان\٢٥: ٤٢-٤٤)
“Naha anjeun apal ka jalma anu ngabdikeun diri kana
hawa nafsuna, (jeung) naha ka jalma kitu anjeun baris ngawakilan? Atawa
maranehna nyangka yen maranehna bisa ngadenge (ta’at) atawa malikir? Saestuna maranehna
teh teu beda jeung sato malah leuwih sasar tibatan sato.”
Kecap Panganteur
Naon nu
dicawiskeun ku Allah dina kahirupan manusa eta bakal panggihna manusa jeung
rasa sieun, rasa lapar, leungitna nyawa jeung kaayaan walurat nu ditibankeun.[1]
Ngan sabalikna ti eta, Allah maparin rasa aman, ngarizkian, ngahirupkeun/nyageurkeun
jeung ngamakmurkeun pangeusi nagari sahingga hirupna tentrem jeung walagri.
Ngan saeutik jalma nu bisa syukuran.
Sabalikna tina kasieun eta rasa
aman nu moal bisa dibeuli.
Sok sanajan kabejakeun yen hiji tempat eta aya di wilayah garis retakan bumi, umpamana, anu sawaktu-waktu bisa
katibanan ku lini atawa tsunami nu rongkah. Naon anu ngajadikeun tengtrem lain
aya alat pelacak, alarm peringatan atawa naon-naon nu diupayakeun ku manusa.
Allah maparin rasa aman sahingga sapopoena
sakur-sakur manusa nu hirup di eta tempat bisa ngalakukeun tugas jeung
tanggungjawabna sewang-sewangan. Mangka umpama taya rasa aman, pastina
jalma moal daek usaha sabab boga pikiran bakal leungit atawa tumpur, sahingga
kabeh ngecagkeun tina naon-naon nu geus jadi tanggung jawabna. Kaayaan saperti
kieu pasti ngadeukeutkan kana kajadiannana hal-hal nu teu dipiharep,
kamiskinan, kajahatan jeung rupa-rupa prilaku anu teu pantes dilakukeun. Saterusna, ulah heran mun sakur
pangeusina teu weleh lapar (sacara fisik atawa batin), loba korban prilaku
jahat, anu dituturkeun ku kaancuran nu leuwih gede (krisis, paceklik jeung
sajabana).
Ramadhan teu Sapanjang
Taun
Dina salah
sahiji Rukun Islam aya ibadah anu aya patula-patalina jeung rasa lapar, nyaeta
ibadah shaum. Dina harti beurat dina ngarasakeunnana, ieu ngarupakeun salah
sahiji lapar anu jadi ujian
pikeun abdi Allah. Umpama ilaharna rasa lapar eta ngarupakeun ujian anu nungtut
kasabaran, dina ibadah shaum rasa lapar eta justru jadi kanikmatan pikeun nu ngajalanannana. Ibarat
rasa pait, eta teu kaasup kana rasa nikmat dina umumna, tapi paitna kopi/paria eta jadi kanikmatan pikeun jalma nu
timu/beuki.
Eta wujud
tina dicangcangna setan jeung ditutupna naraka, jalma iman panggih jeung
kanikmatan ibadah, sahingga sagala rupa aktivitasna eta aya dina wangun ibadah
ka Allah. Tapi sok sanajan kitu, Allah teu mardhukeun ibadah eta sapanjang
taun, sahingga lain dina tempatna umpama urang boga angan-angan yen sapanjang
taun kabeh bulanna Ramadhan.
Hadits
maudhu’ (palsu):
لَوْ يَعْلَمُ
الْعِبَادُ مَا (فِي) رَمَضَانَ لَتَمَنَّتْ أُمَّتِي أَنْ يَكُوْنَ السَّنَةُ
كٌلَّهَا [رواه الخزيمة؛ موضوع]
"Lamun
mah manusa apal naon (nu aya dina) Ramadhan, pasti sakabeh umat kami bakal
ngarep-ngarep dina sataun eta kabeh Ramadhan." (HR Ibnu Huzaimah; Maudhu’) [2]
Sok sanajan
bisa wae aya logika, naon salahna shaum eta diwajibkeun sataun umpama eta
ibadah baris mawa kasalametan jeung katengtreman pikeun manusa? Mungguhing
Allah henteu kitu.
Ihwal Lapar
Lapar Sacara Umum; Lantaran teu Dahar
Rasa lapar
(starvasi) nyaeta hiji kaayaan nalika awak ngabutuhkeun asupan energi dina
bentuk kadaharan. Dina watesan nu tangtu, eta rasa lapar teu matak
ngabahayakeun kana awak. Tapi umpama eta leuwih ti sapoe, pangaruhna bisa
ngakibatkeun parobahan dina metabolisme awak sahingga timbul sifat ruksak atawa
kakurangan zat-zat tertentu dina awak sahingga jadi panyakit. Ngan sabalikna ti
eta, awak lain harti teu meunang lapar, dina sifat teu saimbangna asupan
kadaharan anu kerep eta mawa kondisi[3]
jeung akibat nu ngarugikeun.
Dina dahar
waktu lapar, eta sawajarna sok nikmat. Naon ari nikmat? Nikmat nyaeta rasa
endah dina hiji hal. Kaendahan datang dina hal nu dipikasono/dipikabutuh, dahar nalika lapar
ngarupakeun hal nu dipikasono, diarep-arep ayana. Dina henteu kituna, kanikmatan ngan ukur
ciciptaan/angan-angan jalma anu bakalna dikondisikeun ku bumbu-bumbu jeung
bahan penyedap anu kadang-kadang sifatna justru ngaruksak kana awak.
Lapar Taya Dahareun
Ieu
ngarupakeun laparna fakir-miskin, sabab teu miboga banda nu bisa di dahar. Dina
Al-Quran ngeunaan fakir-miskin eta aya
nu diistilahkeun ku kecap “nu menta-menta jeung kahalangan” ( للسائل والمحروم
)[4]. Jalma fakir eta cenderung
tumamprak, sabab dirina teu walakaya. Anapon istilah anu kahalangan eta
ngagambarkeun kamiskinan[5]
hiji jalma kusabab kahalangan tina hakna. Naon bet disebut kahalangan, sabab
moal jarang kajadiannana, tanaga atawa buruh pagaweannana dibayar ku harga nu
teu pantes. Kusabab sifat butuhna, bisa jadi dina jual beuli oge nepikeun ka
ngajual barang kalawan murah[6]
padahal hargana jauh leuwih ti sakitu. Dina harti eta, kusabab memang kitu
watekna kahirupan, eta nu miskin geus kahalangan dina meunangkeun hakna kalawan
utuh.
Allah
ngaringankeun pikeun si miskin dina nyumponan kabutuh hirupna, dina hal nu
sifatna darurat, wenang pikeun eta jalma pikeun ngadahar barang nu diharamkeun.
فَمَنِ
اضْطُرَّ غَيْرَ بَاغٍ وَلَا عَادٍ فَلَا إِثْمَ عَلَيْهِ [البقرة\٢: ١٧٣]
“… mangka
sing saha jalma anu keuna dina kadaruratan, bari henteu ngarasa resep atawa
kaleuleuwihan, maka teu jadi dosa pikeun manehna (pikeun ngadahar nu
diharamkeun).” (QS Al-Baqarah/2: 173)
Tapi saalus-alusna ngadahar nu
diharamkeun, sok komo lamun tepikeun ka jadi biasa, duka pikumahaeun balukarna.
Kusabab kitu, dina syareat Islam kacida dibeuratkeun dina hal mere kadaharan ka
fakir-miskin nu ngarupakeun pasifatan jalma soleh nu digambarkeun kieu:
وَيُطْعِمُونَ الطَّعَامَ عَلَى حُبِّهِ مِسْكِينًا وَيَتِيمًا وَأَسِيرًا [الإنسان\٧٦: ٨]
“Jeung
maranehannana sok mere kadaharan ku anu dipikaresepna ka jalma-jalma miskin, ka
budak yatim jeung ka dulur-dulurna.” (QS Al-Insan/76: 8)
Sabalikna ti eta, dina teu mampuhna mere
kadaharan, sahenteuna hiji jalma bisa ngadorong kana mere kadaharan ka fakir
miskin sabab lamun teu kitu eta jalma bisa kaasup ka golongan jalma anu
ngabohongkeun kana agama. Allah negeskeun:
أَرَأَيْتَ الَّذِي يُكَذِّبُ بِالدِّينِ ؛ فَذَلِكَ الَّذِي يَدُعُّ
الْيَتِيمَ ؛ وَلَا يَحُضُّ عَلَى طَعَامِ الْمِسْكِينِ [الماعون\١٠٧: ١-٣]
“Naha anjeun apal ka jalma anu
ngabohongkeun agama? Nyaeta jalma anu ngantep budak yatim; jeung jalma anu teu
ngajurung kana mere kadaharan kanu miskin...” (QS Al-Ma’un/107: 1-3)
Lapar Taya Kaseubeuh
Lapar nu moal seubeuh-seubeuh nyaeta
laparna jalma nu sarakah (kufur). Malah dina kondisi lainna, hirupna jadi jiga
nu dina kaayaan darurat, beuki pisan dina ngadahar barang haram. Jalma nu
sarakah nyaeta jalma nu geus silap dina ningali dunya sacara material jeung
secara ragawi. Eta jalma poho keur naon dunya, keur naon sifat kasenangan awak
(lahiriah).
Cacak dina nyampakna, eta jalma moal pisan
ngarasa seubeuh, sok komo lamun ninggang dina kaayaan teu boga rasa laparna
datang kalawan banget jeung dirina kacida kasiksa.
أَيَحْسَبُونَ أَنَّمَا نُمِدُّهُمْ بِهِ مِنْ مَالٍ وَبَنِينَ؛ نُسَارِعُ
لَهُمْ فِي الْخَيْرَاتِ بَلْ لَا يَشْعُرُونَ (المؤمنون\٢٣: ٥٥-٥٦)
“Naha
maranehna (jalma-jalma kafir) teh nyangka yen ku Kami dibere pakaya jeung
katurunan; eta (hartina) Kami baris mere kahadean pikeun maranehna? (Lain
kitu), tapina maranehna teu saladar.”
Laparna nu Puasa
Hiji-hijina lapar anu bakal nikmat
karasana nyaeta laparna jalma nu puasa. Dina harti ibadah, puasa anu didasaran
ku kaimanan jeung ngarepkeun ridha Allah, eta rasa lapar moal karasa beurat
tapi justru sabalikna. Nikmat didieu lain dina harti secara fisik wungkul, tapi
panggih jeung rupa-rupa kanikmatan anu kacida gedena.
Faqir jeung Lapar (bahasan pro beunghar hate)
Lapar
identik jeung kafakiran/kamiskinan sabab dina hal eta aya sifat teu
kacumponannana naon anu dipikabutuh ku dirina dina kahirupan. Ngan sabalikna ti
eta, rasa lapar lain harti taya barang nu bisa didahar, sok aya jalma anu teu
weleh ngarasa/katingali lapar sok sanajan sagala nyampak jeung sakur nu
nipikabutuhna eta geus cumpon. Salah sahiji nu ngajadikeun eta jalma teu weleh
ngarasa lapar nyaeta nuturkeun kahayang nu teu panggih jeung tung-tung. Lapar
pikeun eta jalma lain dina harti lapar secara fisik atawa dina sifat butuh, tapi
dina dirina euweuh rasa cukup.
Dina harti nu leuwih jero, kafakiran nu sajati bisa tumiba ka saha wae tanpa
ngukur loba jeung saeutikna pakaya, nyaeta kafakiran nu dijangjikeun ku
setan. Tapi setan oge sok nyingsieunan
manusa ku kafakiran (dina harti saeutik-loba pakaya). Umpama dina diri
urang teu weleh aya rasa teu cukup, bisa jadi eta ngarupakeun akibat laku
lampah nu geus kapangaruhan ku setan. Sabab lamun jalma aya dina katundukan ka
Allah, eta jalma baris ditedunan (dibeungharkeun) naon nu jadi kabutuhna jeung
dijauhkeun tina rasa fakir jeung
naon wae sifat salah dina dirina eta aya dina tawakuf-Na.
الشَّيْطَانُ يَعِدُكُمُ الْفَقْرَ وَيَأْمُرُكُمْ
بِالْفَحْشَاءِ وَاللَّهُ يَعِدُكُمْ مَغْفِرَةً مِنْهُ وَفَضْلًا [٢: ٢٦٨]
“Anapon ari syetan eta (sabenerna)
ngajangjikeun (jeung nyingsieuan) kana kafakiran dan ngajurung kana
perkara-perkara anu nu hina, samentara Allah eta ngajangjikeun pangampunan
jeung kautamaan. (2: 268)
Aplikasi Lapar dalam Shaum
Rasa lapar eta ngarupakeun buruh pikeun
jalma nu puasa tapi puasana teu boga harti leuwih (teu dibarengan ku
ninggalkeun hal-hal nu teu pantes dilakonan). Allah nyawiskeun dua kasenangan
pikeun jalma nu puasa, anu bisa jadi ku jalma nu puasana ukur meunang rasa
lapar jeung haus salah sahijina bisa kapanggih; nyaeta kasenangan nalika buka. Sabab
ilaharna manusa anu katiban ku rasa lapar eta sok panggih jeung kanikmatan
nalika barang dahar.
Tapi eta
oge teu jadi jaminan, sabab teu sakur-sakur nu ngarasa lapar eta bisa panggih
jeung kanikmatan nalika buka. Sok jadi kabiasaan nalika ngajalankeun puasa,
kusabab nalika keur ngarasa lapar nyipta-nyipta rupa-rupa kadaharan nikmat,
pikeun buka puasana manehna nyiapkeun rupa-rupa kadaharan anu kacida lobana.
Barang tepi na waktu buka, eta jalma teu bisa ngadahar eta kadaharan, sumawona
tepi ka ngarasakeun nikmat. Atawa bisa wae eta jalma katingali ponyo nalik
barang dahar, kabeh kadaharan eta diasupkeun kana beuteung tepi ka kamerkaan nu
antukna manehna ngarasa kasiksa malah katiban ku kasakit. Eta jalma dina
puasana, enyaan sifatna, ngan wungkul meunang rasa lapar jeung haus dina
puasana.
Sajatina lapar dina shaum eta mangrupakeun
jalan ti Allah supaya manusa apal sifat wates-wangen kahirupan. Ku rasa lapar
paling henteu manusa bisa apal yen nikmat dahareun nu saenyana eta lain diukur
ku lobana, atawa rasana nu istimewa, atawa harga anu mahal. Kanikmatan dunya
eta sajatina kapangih satungtung aya sifat butuh (sacara kodrat). Mangka pikeun
nu puasa moal aya bedana antara buka ku cai sagelas jeung dahareun dua rebu
perakeun jeung namprakna menu kadaharan mewah nu hargana jutaan.
Di antara hikmah lapar dina shaum eta sifatna multidimensi:
a)
Hikmah Ruhiyah
(1) Taqarrub (Ikhlas),
sabab lapar didinya tumiba jeung karandapan ku dasar pangrasa ditingali ku Allah.
(2) Syukur jeung Shabar,
kapanggihna sifat qana’ah dina kadunyaan sahingga mampu narimakeun kulak-canggeum
kahirupan sanggeus kapireng sabenerna nu dibutuhkeun dina kahirupan eta lain
sifat leuwih (kuantitas).
(3) Nguatkeun katakwaan,
mangrupakeun tapak tina ibadah shaum.
b)
Hikmah Kasehatan (Ragawi)
Nurutkeun ahli kasehatan sakurang-kurangna
aya dua puluh manfaat shaum pikeun waruga manusa.
c)
Hikmah Sosial-Ekonomi
(1) Baladiyah
Wangun solidaritas umat nu kawengku ku
wanci jeung prak-prakan ibadah nu sifatna ngahijikeun umat dina hiji rasa, hiji
cara, hiji tujuan.
(2) Global; wangun
solidaritas umat nu cakupan nu leuwih gede dina sifat universal, teu kawates ku
sangtukang nu rupa-rupa.
(3) Ekonomi; panggihna
jeung sifat barokah dina wujud nu rupa-rupa anu sifatna ngajejegkeun manusa
dina ihwal kabutuh imma sifat pribadi atawa dina lingkup makro.
Selera dan Kenikmatan
“Pria punya selera,” kitu ceuk iklan. Hartina,
pikeun nu kapangaruhan, kaum lalaki mikirna kudu boga “selera”. Selera[7]
sifatna individual pisan, biasana ngeunaan hiji hal nu dirasana bisa
ngabedakeun hiji jalma jeun nu sejen-sejenna. Ieu lain identitas, lain oge
naluri, tapi bisa ngandung harti syahwat anu lahir tina persepsi salah. Jalma
bisa mikaresep hal nu teu ilahar sabab eta geus jadi selera manehna jeung
sabalikna jalma oge mikangewa kana hiji hal anu alus sabab ceuk pikirna lain
selerana. Dina sifat saperti kitu eta ngarupakeun syahwat.
Syahwat nyaeta hiji dorongan diri manusa
kana hal anu diarep-arepna, boh sifatna bener (syahwah shadiqah) atawa
palsu (syahwah kadzibah). Dorongan anu bener eta sifatna dibutuhkeun ku
diri manusa, anu palsu sifatna teu dibutuhkeun/rekayasa.[8]
Dina kecap nu sejen, syahwat palsu ieu nu sok diistilahkeun ku kecap “ha-waa”
( الهوى
), populerna dina kecap hawa nafsu.
Dahar ngarupakeun syahwat, dina harti aya
kabutuhan pikeun dahar dina diri manusa. Dina dahar eta diciptakeun rasa
nikmat, sabab sifatna diarep-arep ku awak. Di luar eta aya condongna ti manusa
ngudag kana ngeunahna tapi teu paham kana sifat dahar, anu akhirnya kanikmatan
eta dicipta-cipta, dijieun-jieun sahingga kaluar tina sifat kabutuhan awakna.
Dina harti eta dahar pikeun eta jalma sifatna geus nuturkeun hiji dorongan anu
palsu (syahwah kadzibah) atawa hawa nafsu.
Sanajan barang dahar sifatna dorongan murni
diri manusa, eta bisa kakeunaan ku hawa nafsu. Dina hal ieu daharna manusa geus
robah substansina, lain ngasupkeun nu dipikabutuh tapi ngasupkeun nu sesuai
“selera”. Lamun sifat butuh eta bakal tepung jeung cukup (seubeuh) sabab
sanajan kukumaha oge kapasitas awak (padaharan) manusa eta aya watesna, beda
deui lamun dahar geus lain didasaran ku sifat butuh eta lain ngeunaan hal nu
aya batesan nu bisa ngajadikeun jalma taya kaseubeuh nu akhirna sagala di
dahar. Dina hal ieu, mangka pantes Allah negeskeun yen kalakuan kitu leuwih
hina tibatan sato.
Ukuran kanikmatan tangtuna milu mengkol
sakumaha robahna sifat butuh kana salera. Umpama dina sifat butuh eta aya
kanikmatan anu bakal kapanggih tungtungna (klimaks), dina selera beda deui;
kusabab tanpa batas eta kanikmatannana sajatina moal kungsi kapanggih iwal ti
kanikmatan palsu bari ngaruksak.
Gambaran ngeunaan barang dahar, sakitu
gampangna robah tina alus (halal) kana goreng (haram), geus diisyaratkeun ku
Al-Quran dina hubungannana jeung lengkah-lengkah ( خطوات )[9]
setan nu nyasarkeun manusa. Kusabab wates kanikmatan eta teu kapanggih, contoh
leutikna, hiji jalma bisa gampang kitu wae miceun dahareun sabab ceuk pikirna
teu ngeunah. Eta kaasup tabdzir, nempatkeun manusa jadi dulur setan.
Laparna Dulur
Barang bere ilaharna tara bijil ti jalma
nu ngarasa kurang. Teu aneh lamun loba jalma nu katingalina loba pakaya tapi
teu bisa barang bere kanu hese, nulungan nu butuh atawa nalangan kasusah
dulurna, sabab dirina teu weleh dilimpudan ku rasa kurang. Padahal mun diukur
ku kabutuh, eta jalma geus jauh leuwih ti sifat kacumponan.
Padahal teu cukup pikeun jalma muslim,
dina hubungan jeung lapar ieu, eta ngan mikiran dirina sorangan. Kusabab kitu,
sok sanajan teu sakabeh jalma bisa mere kadaharan, sahenteuna aya kawajiban
pikeun jalma muslim pikeun ngajurung kana mere kadaharan kanu lapar
(fakir-miskin). Lamun teu kitu, eta jalma kaasup golongan nu ngabohongkeun
agama (QS. 107: 3).
Dina praktekna, lamun di nagara urang loba
pisan program anu ditujukeun keur rakyat miskin, sapantesna ulah rek ngaruksak
kana lumangsungna eta program komo mun nepikeun ka neangan kauntungan ku cara
megat jalanna eta program sahingga teu nepi kanu boga hakna.
Nikmat Panggih jeung Allah SWT
Nalika panggih jeung lapar, dina sifat
ujian, sabarna jalma eta ibadah. Dina ibadah (puasa), rasa lapar eta ngandung
mangfaat nu lain leutik. Dina nikmat dahar sanggeus lapar ngandung harti urang
ngaraksa kana sifat asal ciciptaan (fitrah) anu dijamin panggih jeung
kanikmatan. Mere dahar kanu lapar (lain dina harti nu puasa wungkul) ngarupakeun
bukti kaimanan.
Kacida cilakana jalma nu lapar taya
kaseubeuh, sagala didahar, sahingga teu bisa mikiran laparna batur (nu enyaan).
Manehna leupas tina fitrah, leuwih hina tibatan sato, dulpeunna ngabohongkeun
kana (benerna) agama.
Wallahu a’lam
[1] Lih. QS
Al-Baqarah/2: 155
[2] Dina ieu hadits aya rawi anu sok malsukeun
hadits, nyaeta Jarir bin Ayyub Al-Bajali
[3] Dina
wangun sederhana, kondisi lapar nyiptakeun kanikmatan waktu dahar. Tanpa rasa
lapar eta kanikmatan dijieun ku jalma dina bentuk rupa-rupa rasa.
[4] QS Adz-Dzariyat/51: 19 (وَفِي أَمْوَالِهِمْ حَقٌّ
لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُومِ) jeung QS Al-Ma’arij/70:
24-25 (وَالَّذِينَ
فِي أَمْوَالِهِمْ حَقٌّ مَعْلُومٌ (24) لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُومِ)
[5] Miskin
dina harti boga kasab tapi hasilna teu cukup pikeun nyumponan pangabutuhna
[6] Jual
butuh
[7] Bisa dihartikeun karesep
[8] Isfahani, Mufradat Alfadz Al-Quran
[9] Ungkapan khuthuwat al-syaithan
disebut 4 kali nu 2-na eta dina hubungan jeung barang dahar (QS 2: 168, QS 6:
142)