Search This Blog

Showing posts with label Sosial. Show all posts
Showing posts with label Sosial. Show all posts

Friday, June 26, 2015

Hikmah Lapar

بســــــــــم الله الرحمن الرحيم

أَرَأَيْتَ مَنِ اتَّخَذَ إِلَهَهُ هَوَاهُ أَفَأَنْتَ تَكُونُ عَلَيْهِ وَكِيلًا (43) أَمْ تَحْسَبُ أَنَّ أَكْثَرَهُمْ يَسْمَعُونَ أَوْ يَعْقِلُونَ إِنْ هُمْ إِلَّا كَالْأَنْعَامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ سَبِيلًا (الفرقان\٢٥: ٤٢-٤٤)
“Naha anjeun apal ka jalma anu ngabdikeun diri kana hawa nafsuna, (jeung) naha ka jalma kitu anjeun baris ngawakilan? Atawa maranehna nyangka yen maranehna bisa ngadenge (ta’at) atawa malikir? Saestuna maranehna teh teu beda jeung sato malah leuwih sasar tibatan sato.”

Kecap Panganteur
Naon nu dicawiskeun ku Allah dina kahirupan manusa eta bakal panggihna manusa jeung rasa sieun, rasa lapar, leungitna nyawa jeung kaayaan walurat nu ditibankeun.[1] Ngan sabalikna ti eta, Allah maparin rasa aman, ngarizkian, ngahirupkeun/nyageurkeun jeung ngamakmurkeun pangeusi nagari sahingga hirupna tentrem jeung walagri. Ngan saeutik jalma nu bisa syukuran.
Sabalikna tina kasieun eta rasa aman nu moal bisa dibeuli. Sok sanajan kabejakeun yen hiji tempat eta aya di wilayah garis retakan bumi, umpamana, anu sawaktu-waktu bisa katibanan ku lini atawa tsunami nu rongkah. Naon anu ngajadikeun tengtrem lain aya alat pelacak, alarm peringatan atawa naon-naon nu diupayakeun ku manusa.
Allah maparin rasa aman sahingga sapopoena sakur-sakur manusa nu hirup di eta tempat bisa ngalakukeun tugas jeung tanggungjawabna sewang-sewangan. Mangka umpama taya rasa aman, pastina jalma moal daek usaha sabab boga pikiran bakal leungit atawa tumpur, sahingga kabeh ngecagkeun tina naon-naon nu geus jadi tanggung jawabna. Kaayaan saperti kieu pasti ngadeukeutkan kana kajadiannana hal-hal nu teu dipiharep, kamiskinan, kajahatan jeung rupa-rupa prilaku anu teu pantes dilakukeun. Saterusna, ulah heran mun sakur pangeusina teu weleh lapar (sacara fisik atawa batin), loba korban prilaku jahat, anu dituturkeun ku kaancuran nu leuwih gede (krisis, paceklik jeung sajabana).

Ramadhan teu Sapanjang Taun
Dina salah sahiji Rukun Islam aya ibadah anu aya patula-patalina jeung rasa lapar, nyaeta ibadah shaum. Dina harti beurat dina ngarasakeunnana, ieu ngarupakeun salah sahiji lapar anu jadi ujian pikeun abdi Allah. Umpama ilaharna rasa lapar eta ngarupakeun ujian anu nungtut kasabaran, dina ibadah shaum rasa lapar eta justru jadi kanikmatan pikeun nu ngajalanannana. Ibarat rasa pait, eta teu kaasup kana rasa nikmat dina umumna, tapi paitna kopi/paria eta jadi kanikmatan pikeun jalma nu timu/beuki.
Eta wujud tina dicangcangna setan jeung ditutupna naraka, jalma iman panggih jeung kanikmatan ibadah, sahingga sagala rupa aktivitasna eta aya dina wangun ibadah ka Allah. Tapi sok sanajan kitu, Allah teu mardhukeun ibadah eta sapanjang taun, sahingga lain dina tempatna umpama urang boga angan-angan yen sapanjang taun kabeh bulanna Ramadhan.
Hadits maudhu’ (palsu):
لَوْ يَعْلَمُ الْعِبَادُ مَا (فِي) رَمَضَانَ لَتَمَنَّتْ أُمَّتِي أَنْ يَكُوْنَ السَّنَةُ كٌلَّهَا [رواه الخزيمة؛ موضوع]
"Lamun mah manusa apal naon (nu aya dina) Ramadhan, pasti sakabeh umat kami bakal ngarep-ngarep dina sataun eta kabeh Ramadhan." (HR Ibnu Huzaimah; Maudhu’) [2]
Sok sanajan bisa wae aya logika, naon salahna shaum eta diwajibkeun sataun umpama eta ibadah baris mawa kasalametan jeung katengtreman pikeun manusa? Mungguhing Allah henteu kitu.

Ihwal Lapar
Lapar Sacara Umum; Lantaran teu Dahar
Rasa lapar (starvasi) nyaeta hiji kaayaan nalika awak ngabutuhkeun asupan energi dina bentuk kadaharan. Dina watesan nu tangtu, eta rasa lapar teu matak ngabahayakeun kana awak. Tapi umpama eta leuwih ti sapoe, pangaruhna bisa ngakibatkeun parobahan dina metabolisme awak sahingga timbul sifat ruksak atawa kakurangan zat-zat tertentu dina awak sahingga jadi panyakit. Ngan sabalikna ti eta, awak lain harti teu meunang lapar, dina sifat teu saimbangna asupan kadaharan anu kerep eta mawa kondisi[3] jeung akibat nu ngarugikeun.
Dina dahar waktu lapar, eta sawajarna sok nikmat. Naon ari nikmat? Nikmat nyaeta rasa endah dina hiji hal. Kaendahan datang dina hal nu dipikasono/dipikabutuh, dahar nalika lapar ngarupakeun hal nu dipikasono, diarep-arep ayana. Dina henteu kituna, kanikmatan ngan ukur ciciptaan/angan-angan jalma anu bakalna dikondisikeun ku bumbu-bumbu jeung bahan penyedap anu kadang-kadang sifatna justru ngaruksak kana awak.
Lapar Taya Dahareun
Ieu ngarupakeun laparna fakir-miskin, sabab teu miboga banda nu bisa di dahar. Dina Al-Quran ngeunaan fakir-miskin eta aya nu diistilahkeun ku kecap “nu menta-menta jeung kahalangan” ( للسائل والمحروم )[4]. Jalma fakir eta cenderung tumamprak, sabab dirina teu walakaya. Anapon istilah anu kahalangan eta ngagambarkeun kamiskinan[5] hiji jalma kusabab kahalangan tina hakna. Naon bet disebut kahalangan, sabab moal jarang kajadiannana, tanaga atawa buruh pagaweannana dibayar ku harga nu teu pantes. Kusabab sifat butuhna, bisa jadi dina jual beuli oge nepikeun ka ngajual barang kalawan murah[6] padahal hargana jauh leuwih ti sakitu. Dina harti eta, kusabab memang kitu watekna kahirupan, eta nu miskin geus kahalangan dina meunangkeun hakna kalawan utuh.
Allah ngaringankeun pikeun si miskin dina nyumponan kabutuh hirupna, dina hal nu sifatna darurat, wenang pikeun eta jalma pikeun ngadahar barang nu diharamkeun.
فَمَنِ اضْطُرَّ غَيْرَ بَاغٍ وَلَا عَادٍ فَلَا إِثْمَ عَلَيْهِ [البقرة\٢: ١٧٣]
“… mangka sing saha jalma anu keuna dina kadaruratan, bari henteu ngarasa resep atawa kaleuleuwihan, maka teu jadi dosa pikeun manehna (pikeun ngadahar nu diharamkeun).” (QS Al-Baqarah/2: 173)
Tapi saalus-alusna ngadahar nu diharamkeun, sok komo lamun tepikeun ka jadi biasa, duka pikumahaeun balukarna. Kusabab kitu, dina syareat Islam kacida dibeuratkeun dina hal mere kadaharan ka fakir-miskin nu ngarupakeun pasifatan jalma soleh nu digambarkeun kieu:
وَيُطْعِمُونَ الطَّعَامَ عَلَى حُبِّهِ مِسْكِينًا وَيَتِيمًا وَأَسِيرًا [الإنسان\٧٦: ٨]
“Jeung maranehannana sok mere kadaharan ku anu dipikaresepna ka jalma-jalma miskin, ka budak yatim jeung ka dulur-dulurna.” (QS Al-Insan/76: 8)
Sabalikna ti eta, dina teu mampuhna mere kadaharan, sahenteuna hiji jalma bisa ngadorong kana mere kadaharan ka fakir miskin sabab lamun teu kitu eta jalma bisa kaasup ka golongan jalma anu ngabohongkeun kana agama. Allah negeskeun:
أَرَأَيْتَ الَّذِي يُكَذِّبُ بِالدِّينِ ؛ فَذَلِكَ الَّذِي يَدُعُّ الْيَتِيمَ ؛ وَلَا يَحُضُّ عَلَى طَعَامِ الْمِسْكِينِ [الماعون\١٠٧: ١-٣]
“Naha anjeun apal ka jalma anu ngabohongkeun agama? Nyaeta jalma anu ngantep budak yatim; jeung jalma anu teu ngajurung kana mere kadaharan kanu miskin...” (QS Al-Ma’un/107: 1-3)

Lapar Taya Kaseubeuh
Lapar nu moal seubeuh-seubeuh nyaeta laparna jalma nu sarakah (kufur). Malah dina kondisi lainna, hirupna jadi jiga nu dina kaayaan darurat, beuki pisan dina ngadahar barang haram. Jalma nu sarakah nyaeta jalma nu geus silap dina ningali dunya sacara material jeung secara ragawi. Eta jalma poho keur naon dunya, keur naon sifat kasenangan awak (lahiriah).
Cacak dina nyampakna, eta jalma moal pisan ngarasa seubeuh, sok komo lamun ninggang dina kaayaan teu boga rasa laparna datang kalawan banget jeung dirina kacida kasiksa.
أَيَحْسَبُونَ أَنَّمَا نُمِدُّهُمْ بِهِ مِنْ مَالٍ وَبَنِينَ؛ نُسَارِعُ لَهُمْ فِي الْخَيْرَاتِ بَلْ لَا يَشْعُرُونَ (المؤمنون\٢٣: ٥٥-٥٦)
“Naha maranehna (jalma-jalma kafir) teh nyangka yen ku Kami dibere pakaya jeung katurunan; eta (hartina) Kami baris mere kahadean pikeun maranehna? (Lain kitu), tapina maranehna teu saladar.”
Laparna nu Puasa
Hiji-hijina lapar anu bakal nikmat karasana nyaeta laparna jalma nu puasa. Dina harti ibadah, puasa anu didasaran ku kaimanan jeung ngarepkeun ridha Allah, eta rasa lapar moal karasa beurat tapi justru sabalikna. Nikmat didieu lain dina harti secara fisik wungkul, tapi panggih jeung rupa-rupa kanikmatan anu kacida gedena.

Faqir jeung Lapar (bahasan pro beunghar hate)
Lapar identik jeung kafakiran/kamiskinan sabab dina hal eta aya sifat teu kacumponannana naon anu dipikabutuh ku dirina dina kahirupan. Ngan sabalikna ti eta, rasa lapar lain harti taya barang nu bisa didahar, sok aya jalma anu teu weleh ngarasa/katingali lapar sok sanajan sagala nyampak jeung sakur nu nipikabutuhna eta geus cumpon. Salah sahiji nu ngajadikeun eta jalma teu weleh ngarasa lapar nyaeta nuturkeun kahayang nu teu panggih jeung tung-tung. Lapar pikeun eta jalma lain dina harti lapar secara fisik atawa dina sifat butuh, tapi dina dirina euweuh rasa cukup.
Dina harti nu leuwih jero, kafakiran nu sajati bisa tumiba ka saha wae tanpa ngukur loba jeung saeutikna pakaya, nyaeta kafakiran nu dijangjikeun ku setan. Tapi setan oge sok nyingsieunan manusa ku kafakiran (dina harti saeutik-loba pakaya). Umpama dina diri urang teu weleh aya rasa teu cukup, bisa jadi eta ngarupakeun akibat laku lampah nu geus kapangaruhan ku setan. Sabab lamun jalma aya dina katundukan ka Allah, eta jalma baris ditedunan (dibeungharkeun) naon nu jadi kabutuhna jeung dijauhkeun tina rasa fakir jeung naon wae sifat salah dina dirina eta aya dina tawakuf-Na.
الشَّيْطَانُ يَعِدُكُمُ الْفَقْرَ وَيَأْمُرُكُمْ بِالْفَحْشَاءِ وَاللَّهُ يَعِدُكُمْ مَغْفِرَةً مِنْهُ وَفَضْلًا [٢: ٢٦٨]
“Anapon ari syetan eta (sabenerna) ngajangjikeun (jeung nyingsieuan) kana kafakiran dan ngajurung kana perkara-perkara anu nu hina, samentara Allah eta ngajangjikeun pangampunan jeung kautamaan. (2: 268)

Aplikasi Lapar dalam Shaum
Rasa lapar eta ngarupakeun buruh pikeun jalma nu puasa tapi puasana teu boga harti leuwih (teu dibarengan ku ninggalkeun hal-hal nu teu pantes dilakonan). Allah nyawiskeun dua kasenangan pikeun jalma nu puasa, anu bisa jadi ku jalma nu puasana ukur meunang rasa lapar jeung haus salah sahijina bisa kapanggih; nyaeta kasenangan nalika buka. Sabab ilaharna manusa anu katiban ku rasa lapar eta sok panggih jeung kanikmatan nalika barang dahar.
Tapi eta oge teu jadi jaminan, sabab teu sakur-sakur nu ngarasa lapar eta bisa panggih jeung kanikmatan nalika buka. Sok jadi kabiasaan nalika ngajalankeun puasa, kusabab nalika keur ngarasa lapar nyipta-nyipta rupa-rupa kadaharan nikmat, pikeun buka puasana manehna nyiapkeun rupa-rupa kadaharan anu kacida lobana. Barang tepi na waktu buka, eta jalma teu bisa ngadahar eta kadaharan, sumawona tepi ka ngarasakeun nikmat. Atawa bisa wae eta jalma katingali ponyo nalik barang dahar, kabeh kadaharan eta diasupkeun kana beuteung tepi ka kamerkaan nu antukna manehna ngarasa kasiksa malah katiban ku kasakit. Eta jalma dina puasana, enyaan sifatna, ngan wungkul meunang rasa lapar jeung haus dina puasana.
Sajatina lapar dina shaum eta mangrupakeun jalan ti Allah supaya manusa apal sifat wates-wangen kahirupan. Ku rasa lapar paling henteu manusa bisa apal yen nikmat dahareun nu saenyana eta lain diukur ku lobana, atawa rasana nu istimewa, atawa harga anu mahal. Kanikmatan dunya eta sajatina kapangih satungtung aya sifat butuh (sacara kodrat). Mangka pikeun nu puasa moal aya bedana antara buka ku cai sagelas jeung dahareun dua rebu perakeun jeung namprakna menu kadaharan mewah nu hargana jutaan.
Di antara hikmah lapar dina shaum eta sifatna multidimensi:
a)      Hikmah Ruhiyah
(1)   Taqarrub (Ikhlas), sabab lapar didinya tumiba jeung karandapan ku dasar pangrasa ditingali ku Allah.
(2)   Syukur jeung Shabar, kapanggihna sifat qana’ah dina kadunyaan sahingga mampu narimakeun kulak-canggeum kahirupan sanggeus kapireng sabenerna nu dibutuhkeun dina kahirupan eta lain sifat leuwih (kuantitas).
(3)   Nguatkeun katakwaan, mangrupakeun tapak tina ibadah shaum.
b)      Hikmah Kasehatan (Ragawi)
Nurutkeun ahli kasehatan sakurang-kurangna aya dua puluh manfaat shaum pikeun waruga manusa.
c)      Hikmah Sosial-Ekonomi
(1)   Baladiyah
Wangun solidaritas umat nu kawengku ku wanci jeung prak-prakan ibadah nu sifatna ngahijikeun umat dina hiji rasa, hiji cara, hiji tujuan.
(2)   Global; wangun solidaritas umat nu cakupan nu leuwih gede dina sifat universal, teu kawates ku sangtukang nu rupa-rupa.
(3)   Ekonomi; panggihna jeung sifat barokah dina wujud nu rupa-rupa anu sifatna ngajejegkeun manusa dina ihwal kabutuh imma sifat pribadi atawa dina lingkup makro.

Selera dan Kenikmatan
“Pria punya selera,” kitu ceuk iklan. Hartina, pikeun nu kapangaruhan, kaum lalaki mikirna kudu boga “selera”. Selera[7] sifatna individual pisan, biasana ngeunaan hiji hal nu dirasana bisa ngabedakeun hiji jalma jeun nu sejen-sejenna. Ieu lain identitas, lain oge naluri, tapi bisa ngandung harti syahwat anu lahir tina persepsi salah. Jalma bisa mikaresep hal nu teu ilahar sabab eta geus jadi selera manehna jeung sabalikna jalma oge mikangewa kana hiji hal anu alus sabab ceuk pikirna lain selerana. Dina sifat saperti kitu eta ngarupakeun syahwat.
Syahwat nyaeta hiji dorongan diri manusa kana hal anu diarep-arepna, boh sifatna bener (syahwah shadiqah) atawa palsu (syahwah kadzibah). Dorongan anu bener eta sifatna dibutuhkeun ku diri manusa, anu palsu sifatna teu dibutuhkeun/rekayasa.[8] Dina kecap nu sejen, syahwat palsu ieu nu sok diistilahkeun ku kecap “ha-waa” ( الهوى ), populerna dina kecap hawa nafsu.
Dahar ngarupakeun syahwat, dina harti aya kabutuhan pikeun dahar dina diri manusa. Dina dahar eta diciptakeun rasa nikmat, sabab sifatna diarep-arep ku awak. Di luar eta aya condongna ti manusa ngudag kana ngeunahna tapi teu paham kana sifat dahar, anu akhirnya kanikmatan eta dicipta-cipta, dijieun-jieun sahingga kaluar tina sifat kabutuhan awakna. Dina harti eta dahar pikeun eta jalma sifatna geus nuturkeun hiji dorongan anu palsu (syahwah kadzibah) atawa hawa nafsu.
Sanajan barang dahar sifatna dorongan murni diri manusa, eta bisa kakeunaan ku hawa nafsu. Dina hal ieu daharna manusa geus robah substansina, lain ngasupkeun nu dipikabutuh tapi ngasupkeun nu sesuai “selera”. Lamun sifat butuh eta bakal tepung jeung cukup (seubeuh) sabab sanajan kukumaha oge kapasitas awak (padaharan) manusa eta aya watesna, beda deui lamun dahar geus lain didasaran ku sifat butuh eta lain ngeunaan hal nu aya batesan nu bisa ngajadikeun jalma taya kaseubeuh nu akhirna sagala di dahar. Dina hal ieu, mangka pantes Allah negeskeun yen kalakuan kitu leuwih hina tibatan sato.
Ukuran kanikmatan tangtuna milu mengkol sakumaha robahna sifat butuh kana salera. Umpama dina sifat butuh eta aya kanikmatan anu bakal kapanggih tungtungna (klimaks), dina selera beda deui; kusabab tanpa batas eta kanikmatannana sajatina moal kungsi kapanggih iwal ti kanikmatan palsu bari ngaruksak.
Gambaran ngeunaan barang dahar, sakitu gampangna robah tina alus (halal) kana goreng (haram), geus diisyaratkeun ku Al-Quran dina hubungannana jeung lengkah-lengkah ( خطوات )[9] setan nu nyasarkeun manusa. Kusabab wates kanikmatan eta teu kapanggih, contoh leutikna, hiji jalma bisa gampang kitu wae miceun dahareun sabab ceuk pikirna teu ngeunah. Eta kaasup tabdzir, nempatkeun manusa jadi dulur setan.

Laparna Dulur
Barang bere ilaharna tara bijil ti jalma nu ngarasa kurang. Teu aneh lamun loba jalma nu katingalina loba pakaya tapi teu bisa barang bere kanu hese, nulungan nu butuh atawa nalangan kasusah dulurna, sabab dirina teu weleh dilimpudan ku rasa kurang. Padahal mun diukur ku kabutuh, eta jalma geus jauh leuwih ti sifat kacumponan.
Padahal teu cukup pikeun jalma muslim, dina hubungan jeung lapar ieu, eta ngan mikiran dirina sorangan. Kusabab kitu, sok sanajan teu sakabeh jalma bisa mere kadaharan, sahenteuna aya kawajiban pikeun jalma muslim pikeun ngajurung kana mere kadaharan kanu lapar (fakir-miskin). Lamun teu kitu, eta jalma kaasup golongan nu ngabohongkeun agama (QS. 107: 3).
Dina praktekna, lamun di nagara urang loba pisan program anu ditujukeun keur rakyat miskin, sapantesna ulah rek ngaruksak kana lumangsungna eta program komo mun nepikeun ka neangan kauntungan ku cara megat jalanna eta program sahingga teu nepi kanu boga hakna.

Nikmat Panggih jeung Allah SWT
Nalika panggih jeung lapar, dina sifat ujian, sabarna jalma eta ibadah. Dina ibadah (puasa), rasa lapar eta ngandung mangfaat nu lain leutik. Dina nikmat dahar sanggeus lapar ngandung harti urang ngaraksa kana sifat asal ciciptaan (fitrah) anu dijamin panggih jeung kanikmatan. Mere dahar kanu lapar (lain dina harti nu puasa wungkul) ngarupakeun bukti kaimanan.
Kacida cilakana jalma nu lapar taya kaseubeuh, sagala didahar, sahingga teu bisa mikiran laparna batur (nu enyaan). Manehna leupas tina fitrah, leuwih hina tibatan sato, dulpeunna ngabohongkeun kana (benerna) agama.

Wallahu a’lam



[1] Lih. QS Al-Baqarah/2: 155
[2] Dina ieu hadits aya rawi anu sok malsukeun hadits, nyaeta Jarir bin Ayyub Al-Bajali
[3] Dina wangun sederhana, kondisi lapar nyiptakeun kanikmatan waktu dahar. Tanpa rasa lapar eta kanikmatan dijieun ku jalma dina bentuk rupa-rupa rasa.
[4] QS Adz-Dzariyat/51: 19 (وَفِي أَمْوَالِهِمْ حَقٌّ لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُومِ) jeung QS Al-Ma’arij/70: 24-25 (وَالَّذِينَ فِي أَمْوَالِهِمْ حَقٌّ مَعْلُومٌ (24) لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُومِ)
[5] Miskin dina harti boga kasab tapi hasilna teu cukup pikeun nyumponan pangabutuhna
[6] Jual butuh
[7] Bisa dihartikeun karesep
[8] Isfahani, Mufradat Alfadz Al-Quran
[9] Ungkapan khuthuwat al-syaithan disebut 4 kali nu 2-na eta dina hubungan jeung barang dahar (QS 2: 168, QS 6: 142)

Monday, March 31, 2014

Politisi Korup?

Aneh; Dilarang Memilih Politisi Korup?
Oleh: Amang B.



Korupsi adalah tindak pidana. Seseorang dapat dikatakan sebagai pelaku korupsi (baca: korup) tentunya setelah melewati proses hukum (terdakwa). Saya definisikan kata “korup” sebagai istilah hukum meskipun itu hanyalah kata sifat karena saat kata tersebut dilekatkan pada manusia itu berkaitan erat dengan tindakan hukum yang dilakukannya.
Pada masa-masa pelaksanaan Pemilu, seperti di tahun 2014 ini, banyak beredar jargon-jargon politik baik yang bersifat kampanye, himbauan atau pesan moral yang ditujukan bagi pemilih. Korupsi, barangkali berhubungan erat dengan kasus-kasus korupsi yang melibatkan praktisi partai politik belakangan ini, menjadi jargon yang banyak digunakan berbagai pihak saat ini. Salah satu jargon tersebut adalah “Jangan Pilih Politisi Korup”.
Sepintas seperti tidak ada masalah dengan ungkapan tersebut bahkan boleh jadi itu dianggap sangat baik. Akan tetapi permasalahannya, ungkapan tersebut mengandung makna yang sangat kabur dan membingungkan.
Sebagai istilah hukum, korupsi merupakan perbuatan melanggar hukum dan setiap orang berhak untuk melalui proses hukum untuk mendapatkan dakwaannya, kata korup dalam politisi korup menjadi kabur maknanya. Saya percaya istilah “politisi korup” tersebut tidak ditujukan kepada pelaku korupsi yang telah terbukti melakukan tindak pidana korupsi. Membingungkan, karena mau tidak mau saya jadi bertanya-tanya siapa saja di antara para kontestan Pemilu 2014 ini yang koruptor.
Salah satu contoh penggunaan istilah tersebut dapat dilihat pada berita yang satu ini: http://nasional.kompas.com/read/2012/10/17/08482444/Jangan.Pilih.Politisi.Korup